Mohon tunggu...
Arind dwi
Arind dwi Mohon Tunggu... Wiraswasta - :)

~ pelajar

Selanjutnya

Tutup

Nature

Lobana Koleksi Kebon Raya Anu Leungit

25 Agustus 2019   14:32 Diperbarui: 25 Agustus 2019   14:35 4
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Nature. Sumber ilustrasi: Unsplash

Assalamualaikum Wr.Wb

Kahatur Bapa presiden Joko Widodo jeung Bapa Menteri anu ku simkuring dipikahormat.
Abdi Arin Dwi, siswi kelas XII IPA 2 ti SMAN 1 Cibinong bakal ngabahas ngenaan "Lobana Koleksi Kebon Raya anu Leungit"

Sawatara waktu katukang Kebon Raya geunjleung lantaran aya nu rek ngali harta karun anu cenah dipendep deukeut kuburan nu aya di Kebon Raya. Untungna eta jalma teh tuluy kacerek ku pulisi.
Sabenerna peristiwa kitu teh mindeng kajadian, ngan biasana mah anu rek maraling tutuwuhan.

Sabenerna koleksi Kebon Raya anu leungit teh rea rupana, tutuwuhan nu aralus tur karek ceb dipelak.
Sapertos leungitna Tarate Raksasa (Victoria Amazonica), lantaran aya nu maling. Sabab Tarate Raksasa teh di nagara urang mah masih keneh kaasup tutuwuhan langka. Ayana ngan ukur di kulah Istana jeung kulah Kebon Raya Bogor. Ku kituna teu matak heran lamun jadi bahan carita balarea. Aya oge, Kembang Bangke nu kakara sababaraha bulan dipelak geus aya nu maling. Tangkalna (gagang daun) ditunda teu jauh tina urutna, ari beutina mah dibawa ka mana boa.

Kembang Bangke (Amorphophallus Titanum Becc.) nu aya di Kebon Raya Bogor geus taya nu gede, lantaran beutina rea nu buruk. Hal ieu can kapaluruh naon nu jadi sababna. Naha memang kaayaan lingkunganana geus teu cocog, atawa aya hama atawa kasakit anu ngan ukur resep narajang kana beuti Amorphophallus Titanum, da ari marga Amorphophallus lianna mah teu sakara-kara.

Kaayaan kieu teh sabalikna jeung Tarate Raksasa, najan cai kulahna kotor lantaran ti susukanana oge geus sakitu hideung jeung bauna, hirupna masih bisa subur bari ngarekahan.

Lain ngan ukur Tarate Raksasa jeung Kembang Bangke bae tutuwuhan langka nu jadi inceran para ahli ceceremed teh, dalah jenis Palem oge nu kaasup alus mah loba nu leungit ku nu maling. Contona Palem jenis Chamaedorea Erumpens pangiring ti Amerika Tengah.

Lamun dijumlahkeun tina jenis Palem wungkul, nu leungit teh kurang leuwih aya 23 tangkal (20 jenis). Ieu teh dina jero sataun. Kumaha ari koleksi lianna? Sarua bae, rea koleksi tina rupa-rupa famili laleungitan ku nu maling, utamana anu karek ceb dipelak.

Kajadian sarupa kieu teh mangrupa dampak negatif tina reana nu mikaresep kana tanaman hias. Teu mustahil leuweung-leuweung oge geus rea nu ruksak, alatan reana jalma nu tingalasruk neangan tutuwuhan nu arendah tur payu dijual.

kukituna, pikeun ngalestarikeun keragaman tutuwuhan, aya sababaraha hal anu dina pendapat kuring kudu ditingkatkeun, nyaeta :

1. Anu mikaresep kana tanaman hias, geus cukup urang ngarasa sugema ku pepelakan nu geus aya. Ulah kudu hayang paalus-alus tanaman langka ngarah gengsi urang ningkat. Buktina koleksi Kebon Raya rea nu leungit, padahal eta teh mangrupa bahan pikeun panalungtikan jeung kamekaran paelmuan Botani di nagara urang.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Nature Selengkapnya
Lihat Nature Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun