Lihat ke Halaman Asli

Kang Warsa

Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Carita Sunda: Kang Entus Guru Bimbel

Diperbarui: 26 Juni 2015   04:18

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Ceu Eha geus ringrang. Si Entod, anu umurna geus nincak 7 taun rek asup SD. Kang Omid anu jadi bapana geus kukumpul, babakuna naon anu bisa dijual dikaluarkeun, keur biaya sakola anu jadi budak ceunah.

“ Entod….!” Ceuk Ceu Eha. Padahal ngaran sabenerna eta budak teh Todi Alamsyah Rukmana. Ngan ti mimiti bisa ngomong budak teh sok nunjuk kana dirina bari ngomong. “ Mamah… Entod… Mamah Entod!” Meureun maksudna mah “ Mamah ieu Todi… Mamah ieu Todi. “ Nepika ayeuna nelahna Entod.

Jang Entod anteng ngoprek momobilan. Tap deui leungeunna kana rorobotan.

“ Entoddd…. Beresin ituh cocooannya. Malam ini Entod akan diajarin maca dan nulis oleh Kang Entus.!” Kang Entus teh hiji guru privat di eta Kampung.

Jang Entod ngan ukur ngalieuk bari pok ngomong. “ Muhun, antosan mamah, Entod masih mau maen dulu sama si Robot sareng si Wahon.”

Ceu Eha garo-garo teu ateul.  Ringrang, budak can bisa maca jeung nulis, mangkaning isukan rek test asup ka SD.

“ Duh, aing mah…. Moal piluluseun ieu mah. Mangkaning budak teh kudu sakola ka sakolaan anu kualitas alussss!” Gerentes manehna.

Teu lila kurunyung Kang Entus datang, mawa buku bacaan keur budak. Raraban A-Z  dina ukuran poster oge dipanggul, da pamenta Ceu Eha, dina sapeuting eta budakna kudu geus bisa maca jeung nulis, minimal bisa nulis jeung ngejah ngaranna sorangan.

Kang Entus hah heh hoh, cape meureun, da mawa buku jeung raraban nepika sapanggulan.

“ Aeh kang guru tos sumping geuning… mangga calik..calik…. bade eueut naon, jus kalapa, atanapi enteh haneut.”

“ Ah wios teu kedah ngarepotkeun, ceu!”

Halaman Selanjutnya


BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline