Mohon tunggu...
Kang Ahsa
Kang Ahsa Mohon Tunggu... lainnya -

pembaca buku

Selanjutnya

Tutup

Catatan

Tumaros Perkawis Ageman Sunda

18 Desember 2012   03:38 Diperbarui: 24 Juni 2015   19:27 366
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Salaam... sampurasun. Bagea Ajengan Wira Budiman (http://www.kompasiana.com/wirabudiman). Resep ninggal urang Sunda tiasa kana dunya maya. Mun aya waktos mah nyerat atuh dina kompasiana, ulah sina kosong Pan janten 'adam tea lin.

Ajengan Wira nu kasuhun, mugi sehat wal afiat, cageur tur bener salalawasna. Hampura simkuring jalmi bodo, teu apal perkawis kasundaan. Hatur nuhun parantos kersa masihan iber anu matak nambih panimu simkuring.

Saatos ku simkuring diaos. Dibulak balik. Teras diaos deui. Punten henteu kahartos: asana teh aya anu kirang pas sareng patarosan abdi. Kirang keuna.

Ajengan Wirabudin, punten abdi henteu ngartos: naon anu dimaksadMoal pati-pati aya KECAP bahasa AGEMAN-HAGAMA-AGAMA (NAGARA KERTAGAMA) upami teu aya jinisna”?Naha eta teh ngeunaan falsafah yen agama aya kaitanna sareng nagara? Agama naonanu aya di Sunda baheula? Leres henteu eta teh aseli lokal? Cing pangguarkeun. Ari anu diluhur mah ku simkuring tiasa kasebat tafsiran. Cing aya henteu ahli filologi anu parantos nalangtutik yen eta naskah leres-leres otentik.

Punten pisan Ajengan Wira, abdi bade tumaros :

0) Anu kumaha ari ageman Sunda teh?

1) kumaha sistim keyakinanna atawa teologi na (naha bersifat tersendiri dan khas sareng henteu sami sareng ageman-ageman anu aya di sakuliah dunya);

2) naha aya konsep anu nyandak eta ajaran ageman Sunda (mun dina ageman samawi mah samodel nabi);

3) kumaha bentuk ajaranna sarta aya henteu kitab sucina anu ngajentrekeun eusi ageman Sunda anu dimaksad ku Ajengan Wira?; 4)kumaha perkawis konsep saatos maot?;

5) mun enya eta ageman teh ageman aseli Sunda naha urang Sunda kiwari henteu nyepeng eta geman;

6) cing naon kaunggulan ageman Sunda dibandingkeun sareng ageman samawi?;

7) naha ageman Sunda anu dimaksad teh ngajamin umatna jaganing mun aya kahirupan saatos maot atawa kiamat tea?

8) naha leres henteu aya pakuat kait atawa jalur anu ngahubungkeun eta ageman Sunda (anu disebat ku pangersa Wira) sareng ageman sanes sapertos Hindu atawa Budha atawa nu sejenna?

Ayeuna ngeunaan kalimah: Naha Urang SUNDALAND, POSEONDEON (PASUNDAN) Katut BAHASANA, GEUS BOGA AGEMANNANA???...nnNaha Urang SUNDALAND eta teh Urang INDIA /Bahasana TINA BAHASA INDIA (AGAMA HINDU-BUDHA)???.nnAhli Sejarah anu Nyebatkeun Kerajaan, Galuh, Sunda, Tarumanagara eta Agama Hindu/Budha, eta Ahli Sajarah teh sanes AHLI AGAMI, ahlina mung ukur nguat-ngaitkeun Bukti-bukti Sajarahna.nNangtukeun NAMI Salahsahiji AGAMI keudah ku AHLI AGAMI...sanes AHLI SAJARAH!!!

Numutkeun simkuring basa henteu tiasa dijantenkeun identitas ageman. Hiji basa aya aya di tatar dunya atawa nagari henteu tiasa dijantenkeun dadasar kanggo negeskeun ayana ageman. Basa mah leuwih ngeuna kana komunikasi bangsa manusa. Ageman mah tangtosna aya hal-hal atawa standar anu tiasa disebatkeun yen eta hal kasebat ageman atawa henteu. Tiasa janten hiji basa tiasa ngawkilan mangrupa-rupa ageman. Sapertos basa Arab pan tiasa ngawkilan ageman Islam,Yahudi, Nasrani. Kitu deui basa India, tiasa ngawakilan ageman Hindu, Sikh, sareng sajabana. Basa Cina tiasa ngawakilan ageman Konghucu, Budha, atanapi Islam oge. Basa mah gumantung anu ngeusian, ngumantung anu make, gumantung anu nganugunakeun. Mun dina filsafat bahasa mah aya istilah: bahasa sareng metabahasa. Cing metabahasa tina Sunda mun nya eta aya ageman aseli, nu kumaha?

Perkawis ahli sajarah anu nyebatkeun karajaan-karajaan Sunda baheula agemanna Hindu jeung Budha; numutkeun simkuring wajar. Ahli sajarah teh ahli dina nalungtik. Dina nanglutiikna oge moal sagawayah: aya standar penelitian anu digunakeun. Tangtosna ilmiah. Kuring kantos diajar ilmu sajarah di UIN Bandung. Dina ngajentrekeun hiji sajarah kedah ngagunakeun konteks sosial historis anu baheula ngawujud. Teras mun teu kapanggih polana, biasana nginjem gambaran konteks sosial historis nagari sejen anu aya kasamian dina budaya sareng sosial kamasyarakatanna. Salain ti eta rupa-rupa disipli elmu oge dianggo. Mun rek nalungtik sajarah ageman tangtosna kedah apal ngeunaan dasar-dasar ageman sareng rup-rupa ageman manusa. Mun aya nu sarupa jeung ageman anu aya di dunya tiasa janten eta teh varian tinu ageman anu atos aya. Simkuring yakin para ahli sajarah terangeun perkawis ageman waktos nyimpulkeun yen di Sunda agemanna Budha sarta Hindu atawa animisme jeung dinamisme tea.

Teras perkawis ahli agama? Cing saha anu dimaksad ahli agama? Aya henteu standarna anu disebat ahli agama?

Ajengan Wira anu kasuhun. Hapunten... pisan. Manawi tiasa ngajentrekeun. Diantos. Rumaos simkuring mah bodo pisan. Henteu apal ngeunaan kasundaan. Kitu deui perkawis ageman buhun anu aya di Tatar Sunda. Boboraah ageman anu aya di tatar dunya, ageman anu dianut kusimkuring oge henteu apal pisan. Maklum nuju diajar, nuju kokoreh.

Janten emut dawuh Allah tina surah Zukhruf ayat 78: “... Kami geus ngadatangkeun anu bener ka maraneh, ngan rereana maranehna ngewa kana eta anu bener....”

Hatur nuhun, cag.... isuk jaganing geto urang sambung deui.

Mohon tunggu...

Lihat Catatan Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun