HIGHLIGHT

Palias Urang Jadi Sato

18 November 2009 17:28:00 Dibaca :

Sunan Gunung Djati-Mun urang ngaleunyeupan ayat-ayat al-Quran, copelna aya opat istilah tumali jeung kecap manusa bari mibanda harti anu teu sarua. Kahiji, basyar. Kecap basyar biasana dilarapkeun ka manusa dina harti mahluk biologis. Butuh dahar, nginum, laki rabi, jeung saterusna.

Tong aneh lamun Kanjeng Nabi tina segi basyar teu dipiceun sasier  jeung urang-urang. Anjeuna barang tuang, ngaleueut, gaduh garwa, sareng saterasna. Unggelna dina al-Quran ana basyarun mitslukum (kaula teh manusa kawas aranjeun). 

Kadua, bani adam. Kecap ieu dalit panca kakikna jeung manusa ditilik lebah intelektual psikologisna. Pikeun ngaronjatkeun ajen inajen diri jeung nyumponaan hanaang rasa kanyaho (curioucity) manusa dialajar, akalna diseketan, otakna dipinuhan. Apanan lain bahela anu ngabalukarkeun malaikat sumujud ka Nabi Adam alatan Adam mibanda pangaweruh anu teu dipimilik ku  malaikat. Wa allama adamal asma’al husna.

Katilu, an-nas. Kecap ieu loba pakuat pakaitna jeung manusia dina harti mahluk sosial-antropologis. Kusabab manusa teh lain mahluk anu bisa hirup sosorangan nya manehna perlu aktualisasi jeung sosialisasi diri. Ti lebih dieu pisan ulekan kahirupan  miang. Dunya jadi rame. Lingkungan euyueb ku paripolah manusa ti mimiti abringan anu harayang dihargaan, anu awong-awongan menta diperhatikeun,  aya oge anu ceceremed nilep anggaran tepi ka jadi jugala ahirna dipikaserab jeung dihiap-hiap ku balarea sok pedah reumeun ngawur-ngawur duit anu hakekat namah duit-duit urang keneh. Jeung rea-rea deui lajuning laku  manusia dina raraga ngamotekarkeun lebah an-nas na.

Kaopat, al-insan. Kecap ieu lumrah digunakeun dina harti manusa sabagai mahluk, ceuk legegnamah, spiritual teologis. Manusa anu salilana eling kana sarakan tempat dimana manehna bakal mulang kanu Kagungan. Manusa anu teu weuleh ngagelung kana pitrohna anu suci. Sadar sapuratina kana temah wadi. Mieling kana pasini jangji moal baha ka Mantena di mangsa ajali waktu urang kumeuleunang di alam rohani. Alastu birobbikum? qalu bala syahdina. Hirup henteu ieuh ngaberung napsu tunggul dirarud catang dirumpak, tapi estuning nincak hambalan papagon Pengeran sareng Kanjeng Rosul. Juhd

Saur Imam Gozali, hirup hurip urang teh taya lian kumaha sangkan opat potensi kamanusaan tadi bisa dicumponan kalayan saimbang. Henteu berat sabelah. Dunya dipaju (lain dudunya) aherat dikeureuyeh. Ceuk al-Quran tea mah wa la tansa nasihabakan minad dunya. Kudu siger tengah tea meureun. Dina dawuhan Rosul tea mah khairul umur ausathuha.

Sabalikna, nalika berat sabelah, tanwande moal bowa bakal mawa bahla. Sok we tingali sababiyah motekarna korupsi apanan kaayaan hiji bangsa bisa balangsak. Kangaranan korupsi, contona wae, lain dilakukeun ku jurig jarian, tapi ku jalma-jalma keneh ngan hanjakkal jalma anu salilana mupusti segi basyar lat poho kualitas insaniyahna. Balukar lengit jati diri insaniayahna  (spiritualitasna), tong boro-boro kejo, apan leuweung geledegan oge dihakan tepi ka bulester, walungan diperes tepi ka ngoletrak, laut dikeruk, aspal  disuruput, oli diuyup, minyak tanah dileguk, gula dileg-leg. Cohagnamah hancengan batur dikoredaskeun tepi ka te kabagean, atuh dina ayana oge orokaya hargana nyeukek. Nges ledis kakara ngumumkan sangkan kadangwarga hirup basajan, sok padahal ti baheula mula oge leuwih ti basajan dalah kudu ngalaman busung lapar sagala  lain. Mun jalma terus-terusan mupusti basyariyah-na tepi ka poho kana purwadaksi (insaniah), dijamin tungtungna rengkakna badis sato malah lewih sasar. Ulaika kal an’ami bal hum adhall. Mujahadah

Palebah dieu pisan jigana pentingna ngagedurkeun juhd teh. Juhd anu hartina daria didieu ngawengku tilu perkara: kahaji dina raraga  meruhkeun hawa napsu. Juhd samodel kieu katelahna mujahadah anu  biasa dilakonan ku ahli torekat. Mujahadah teh hiji taktik sangkan hate urang wening (tazkiyatun nafsi). Mujahadah lain hartina ngajauhan dunya tapi kumaha sangkan dunya eta teu paparentah ka urang tapi sabalikna curuk urang anu tuntunjuk marentahkeun dunya. Ceuk Imam Ali tea mah yamlikud dunya wa la tamlikuh. Mampu ngontrol dunya lain dikontrol dunya.

Nya perang ngalawan hawa nafsu ieu pisan anu kamari disabit-sabit Nabi ku jihad rongkah tea. Sakumaha kacaturkeun dina hiji riwayat, “Samulihna ti tempat pangperangan Nabi cumarios, ‘Urang sararea kakara mulang tina jihad letik ayeuna keur nyorang jihad badag”. Para sohabat kaget margi aranjeuna gaduh panyangka rehna jihad anu nembe dirandapan anu nandonkeun nyawa, harta jeung raga  eta jihad gede teh  tapi malah ku Nabi disebut jihad letik. ‘Apami kitu naon atuh jihad anu ageng teh, gusti?’. Rosul  ngawaler, ‘Jihad rongkah teh nyaeta nalika hiji jalma mampu meruhkeun hawa napsuna.”

Dina kahirupan sapopoe, urang mineng sukses ngelehkeun  musuh anu sipatna pisik, contona ngusir penjajah. Tapi kalolobaan tipadikes nalika nyanghareupan musuh ragot anu ngarongheap tina  diri urang. Eleh jajaten nalika kudu naklukeun  napsu anu ngaberung menta ditedunan. Antukna, ceuk paribasa Malayu tea mah, keluar dari mulut buaya masuk mulut harimau. Kamari dijajah ku dengeun ayena dijajah ku napsu. Kamari aya romusa, atuh kiwari loba karyawan, guru honor, jeung sajabana anu dibayar jauh tina samistina, kamari aya rodi anu diperes ku Walanda kiwari pabalatak tki/tkw anu tanagana dipeureut bari hak-hakna ditandasa sarta nagara saetik eweh ketak pikeun bumela, nagara ngan saukur merlukeun hungkul devisana, urang dijajah ku paripolah mahiwal KKN anu tug dugi ka mangsa kiwari teu eih-eih malah anu karasa beki mahabu. Ijtihad

Kadua, ijtihad. Kecap anu sarua menang nyokot tina juhd ieu pakait jeung kamotekaran utek. Jalmana disebut mujtahid. Ti beh ditu mula Islam kacida ngajenan akal pikiran. Malah lain ayat anu munggaran turun teh iqra. Iqra hartina maca ari maca mangrupakan ilapat tina  paelmuan. Lamun urang neuleuman al-Quran loba pisan dawuhan Mantena anu dalit pakuat pakait jeung dunya atikan, panaluntikan, observasi atawa kontemplasi sakumaha kawengku ku ungkara afala tafakkarun, afala tadabbarun, afala ta’qilun. Malah lain ku kacida pentingna elmu ieu sahingga Allah ngadamel nami surat al-Qolam. Al-Qolam teh hartina patlot aro patlot pan eta teh silib tina ijtihad. Alloh dugi ka sumpah ngagunakeun kecap al-Qolam. Nun wal qolami wa ma yasthurun.

Atuh ngenteng kana sunnah Nabi sami  mawon. Pan sakitu atrana mangpirang-pirang dawuhan Nabi anu netelakeun rehna elmu hukumna wajib  disiar boh ku lalaki atawa awewe ti mimiti dina aisan tepi ka liang kubur, sok sanajan elmu eta ayana di wewengkon Cina. Lamun urang ninggal kabijakan anu dikaluarkeun ku Nabi teu weuleh diancokuen pikeun nanjerna paelmuan. Apanan salah sahiji opsi dibebaskeun nana tawanan perang kafir Quresy nyaeta lamun maranehna teu boga duit keur nebus nya kudu sayagi ngajar ka barudak muslim anu can barisaeun maca jeung nulis .

Roh ijtihad ieu anu jadi cukang lantaran  umat Islam dina abad pertengahan jadi imam peradaban nalika urang Barat alam pikiranana masih keneh ditangkodan tahayul. Sajarah geus nyatet tokoh-tokoh anu boga yasa geude pikeun kamotekaran elmu. Saha anu teu apaleun Ibn Sina, Ibn Rusydi, Ibn Holdun, al-Howarizmi, al-Gozali, al-Biruni, jeung rea-rea deui. Maranehna pisan lain anu ngaguyah-guyah urang Barat sangkan gewat hudang nilepan simut mitos, cengkat ngeprakan dongeng teu karuhan anu nalekeuman pikirana.

Hanjakal deui wae, dina kaayeunakeun nalika urang Barat hudang tepi ka bisa megarkeun sain jadi teknologi,  urang malah asup ka ‘enggon’: tibra sare diparanede carita bid’ah tepi ka kiwari can nguniang-nguniang. Ngan ukur bisa nostalgia mulangkeun panineungan mangsa makalangan  bari  teu dibarengan gawe anu rancage. Beh ditudana ku sabab teu bisa loba anu dilakukeun lantaran pikirana cupet antukna  katepaan panyakit inperioritas, antukna gampang naek darah: patorong-torong madungdengkeun kunut jeung usholli. Batur mah lumpat teing geus ka mendi ieu masih keneh silih asah dalil ngeunaan  awal jeung ahir Romadon. Lamun teu parasea jeung papada, nya panyakitna teh gampil nyalahkeun deungeun (Barat) atawa ngupahan maneh. Pajarken teh ken bae urang Barat mah ayeuna maju heheotan di dunya engke mah bakal kokoceakan dikerebekeun dina naraka. Aya oge anu mere lolongkrang cenah lamun urang hayang maju kudu ngahirupkeun deui syareat Islam, tampolana dina kanyataan nana anu katenjo singhoreng syareat dina harti anu heureut: seret kudu make baju koko jeung awewe wajib dikerem di imah

Geus tangtu sangkan ijtihad ieu teu nyebarkeun tales atel nya kudu dibarengan ku mujahadah. Supaya sains jeung teknologi teu nyilakakeun nya wajib dibalur ku spiritualitas. Jigana krisis ekologi, bom anu kamari merlayakan pengeusi Hirosima Nagasaki, Cernobil, jeeng rea-rea deui  taya lian akibat coplokna spiritualitas tina rungkun ijtihad, sains jeung teknologi. Ceuk Sayyid Hossen Nasr mah bibit buit namah lantaran urang Barat geus ngudar Pangeran tina pakalangan. Mupusti pakta empirik bari ngusir realitas metapisik.

Jihad

Katilu, jihad. Geus tangtu jihad didieu lain hartina urang teu pupuguh geur merangan jalma kapir anu teu tuah teu dosa.  Jihad (leuwih pasna mah qital) dina konsep al-Quran digedurkeun nalika sakabeh tarekah  pikeun ngarengsekeun pasualan buntu atawa lamun urang teu hir  teu walahir ujug-ujug deur diserang ku deungeun.

“Perangan jalma-jalma anu merangan anjeun, tapi anjeun ulah anu ngamimitian. Saestuna Allah teu rueseupen ka jalma-jalma anu ngalewihan wates…” (QS. al-Baqarah/2: 190-191).

Pamungkas

Hayang jadi jelma teh singhoreng teu gampang. Urang perlu ngeprakeun sagala potensi diri boh anu kasebutna hate (narekahan sangkan salilina nyaring), akal (ngusahakeun supaya pinuh ku pangaweruh), jeung jihad (sipat kahengker diganti ku rancage), sangkan kualitas kamanusaan urang bisa nerekel lain ukur seret basyar. Perlu kasab rehna anu pinter teh lain seret akal, tapi oge emosi jeung rohani.

Mun teu kitu, palias kualitas diri urang sed saeutik  ti sato. Palangsiang lewih sasar. Mun kieu kaayaan nana tinangtu kahirupan urang salilana bakal bajred jeung weurit.*** [ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]

Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung

/sunangunungdjati

Sunan Gunung Djati adalah Harian Online Blogger Sunan Gunung Djati. Semula berawal dari Komunitas Blogger Kampus UIN SGD Bandung yang terbentuk pada tanggal 27 Desember 2007. Sejak 9 Februari 2009 dapat mengudara di Jagat Internet. Staff Redaksi: Pimpinan Umum: Ibn Ghifarie| Pimpinan Redaksi: Sukron Abdilah| Pengelola dan Keamanan Website: Badru Tamam Mifka, Zarin Givarian, Ahmad Mikail| Desain: Nur Azis| Kontributor Tetap: Pepih Nugraha (Senin-Ngeblog), Neng Hannah (Selasa-Gender), Bambang Q Anees (Rabu-Filsafat), Asep Salahudin (Kamis-Kesundaan), Afif Muhammad (Jumat-Teologi), ASM Romli (Sabtu-Media) Tim Susur Facebook: Cecep Hasanuddin, Reza Sukma Nugraha Tim Susur Blog: Amin R Iskandar, Jajang Badruzaman, Dasam Syamsudin, Dudi Rustandi. Seputar Redaksi: redaksi@sunangunungdjati.com Ayo Ngeblog, Ayo Berkarya! Selengkapnya klik www.sunangunungdjati.com
Selengkapnya...

KOMPASIANA ADALAH MEDIA WARGA, SETIAP KONTEN DIBUAT OLEH DAN MENJADI TANGGUNGJAWAB PENULIS.

Siapa Yang Menilai Tulisan Ini ?